HANAS TI HANAS
Dina wanci pecat sawed, dina lolongkrang waktu rereh tina
pagawean dikantor,Rudi ngahuleng ngaragameneng
ningali pamolah hiji wanoja
numatak ngagesruk kana hate, pajarken the makan bareng
yu……,eta wanoja ngajak dahar
bareng bari rada ngaburilak panonna,siga nu bari nebarken pesona.
Rudi kaget
lantaran kakara ningali eta wanoja the,salila lima tahun di gawe di eta kantor.
kabeneran si Eman
liwat babaturan anu beda ruangan jeng
Rudi,man…….!he…..Rud, kadie sakedeng man, aya naon Rud
bangun aya nu penting, lain aya karyawan anyar euy? Awewe lalaki cek
eman ngalengkepan obrolan Rudi, awewe
cek Rudi sumanget,teing atuh cek Eman te apaleun, kunaon kitu? Eman balik
nanya,cikeneh aya awewe ngajak dahar bareng ka urang, tapi urang the kalah
molohok da te wawuh eta awewe the, lah nu di warung meren cek Eman bari mungkas
obrolan ,lantaran muru ka warung ges lapar. eta kajadian jeng eta wanoja ngajadiken pikiran ker Rudi, saha jeng urang
mana eta wanoja the.
Di imah Rudi
ngajelengut mikiran eta wanoja ,weleh te kapanggih saha-sahana,isukna ngahaja
Rudi nangtung salila-lila dina kurut
panggih jeng eta wanoja,tapi te panggih deui ,ngan leos we Rudi muru ka tempat
gawe,dina waktu nu angger rereh tina
pagawean,sakumaha biasa Rudi ka warung rek dahar,tapi dina hiji riungan meja
Rudi di kagetken dei lantaran katembong
siga wanoja nu kamari anu ngajak dahar
bareng tea,ngahaja Rudi diuk ngadeketan eta riungan , eta wanoja bet siga nu
ngahajaken maledog seri ka Rudi,atuh
puguh Rudi ratug tutunggulan hatena bari
ngabales seri ka eta wanoja,ngahaja Rudi manderikeun maneh cengkat tina meja
dahar the ,sugan jeung sugan bisa jonghok jeng eta wanoja,beh dituna bisa ngobrol
bareng, tapi hanjakal sabot ngaleguk nginum ngalengit eta wanojateh teuing kamana
leosna ,atuh puguh Rudi mani mentegeg pisan hatena.
Sakumaha biasa
Rudi balik ngantor tara langsung ka imah
,ges jadi kabiasaan sok sumpang simpang heula
diantarana sok resep ulin ka tempat billiard,nu ngajadikeun remen cekcok
jeung pamajikannana,komodeui mun balik
bari bau alcohol, pamajikan rudi nu taat
ibadah bari saurang guru
honor,panghasilan nu paspasan malah kurang ,narima resiko ti salaki sapamerena
,tara protes sok ngajajadikeun nu aya we. Wanci
magrib Rudi ges balik tara-tara
ti sasari ,biasana tabuh 10an Rudi
kakara balik ka imah. Papah……papah ……pulang euy,cek eta budak umur 5 taun,mani
atoheun pisan bapana balik ,biasanamah
bapana balik the budak ges sare,indung na
norojol kaciri atoheun pisan salaki balik beurang keneh,Rudi…. na hatena
ngagerendeng, na urang the bet baheula
milih awewe model kitu ,meni surem ,te ngagairahkeun……,bubuhan ngurus budak
leutik keneh bari keur kakandungan deui
,eta budak umur 5 taun the rek adian,dibere duit ku salaki pas-pasan keur dahar
sapopoe,bororaah aya resiko jeung waktu
keur dangdan. Nempo sapopoe
kaayaan kitu Rudi ngoleab nempo wanoja
herang tadi di kantor,kakara sup ka imah Rudi langsung ganti baju, na rek
kamana pah…. Bet di salin deui ku baju nu rada pantes? Cek pamajikan Rudi nanya,
aya perlu heula ka imah babaturan…. Cek Rudi bari ngaleos deui, atuh budak nu tadina atoheun
the kalah molohok we, tapi teu hayangeun milu da teu biasa mimilu jeu
bapana,ari jeung indungnamah indit ka sakola ge teu weleh ngangantel we,
pajarkeun the kepala sekolahna bijaksana ka guru nu boga keneh budak leutik ge
bisa di bawa ,asal teu ngagangu kana
ngajar, bubuhan indungna ngajar, budak anteng ulin jeung budak sakola nu bagean
beurang .
Rudi indit
maksudna ka imah eman babaturan sakantorna tea,tepi ka imah eman kasampak keur paran peren ,diantarana aya kap
makanan,kertas makanan,jeung sajabana di
jajar jajar, geuning siga nu rek hajat man ? ceuk Rudi heran ,ah….lain ieumah
pamajikan sok leukeun ketering, tamba kesel meureun, alus atuh ……..ceuk Rudi
bari gek diuk, sinariuen Rud aya naon
euy…..cek Eman nanya, ah….teu aya nanaon karesel di iamh man ……..ceuk
Rudi ,enya atuh sakali-kali ulin kadieu.
yan…….kopi yeuh ka tamu …….ceuk Eman satengah ngagorowok ka
pamajikannana, mangga …….ceuk pamajikan Eman
meni adab ,bubuhan panganten keneh
kakara 5 bulan kawinna can boga budak,
Sabot ngawangkong Rudi jeung Eman, torojol pamajikan Eman
mamawa baki jeung ci kopina…….
Seblak hate Rudi nyeblak ……..teu di sangka- sangka eta nu
mawa baki the bet wanoja nu aya dina
implengan, Rudi rey….genek hate
malekmek bari ngagerendeng hanas ti hanas………….ceunah.
Cjr,5 okt 2010
~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~SR~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~~
HANAS TI HANAS
Reviewed by Zeni Dp
on
12:18
Rating:
No comments: